Bere hiji conto bubuka dina biantara mieling 17 agustusan
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hal penting anu perlu dilakukeun dina nyieun conto bubuka dina biantara nyaeta kudu mikawanoh bagean-bagean nu aya dina biantara sacara rinci. Biantara nyaeta nepikeun cacaritaan atawa kedalan dihareupeun jalma rea anu naskahna disusun sacara rapih jeung merenah. Dina basa Indonesia, biantara hartina sarua jeung pidato. Ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi.
Pembahasan
Bagean-bagean nu aya dina biantara sacara rinci nyaeta salam bubuka, pangbagea, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup. Jadi anu disbut paragraf bubuka biantara teh henteu kaasup bagean salam bubuka jeung pangbagea. Conto paragraf bubuka biantara nyaeta saperti di handap ieu:
"Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka Gusti Allah SWT, shalawat sareng salam oge mugi ngocor ka jungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW. Ibu miwah bapa guru, sareng rerencangan sadayana, langkung ti payun simkuring peryogi ngauningakeun wirehna dina acara mieling 17 agustusan ieu simkuring kapapancenan tugas janten girang panata calagra atanapi sok disebat oge ketua panitia...." jst.
Jadi, eta di luhur teh conto bubuka dina biantara mieling 17 agustusan. Anu dimaksud salam bubuka nyaeta maca basmalah jeung ngucapkeun salam. Sedengkeun anu dimaksud pangbagea teh nyaeta kalimah pangbagea ka anu hadir dina eta acara.
Ku mikawanoh bagean-bagean biantara sacara rinci jeung bener, urang bisa nyeiun conto bagean-bagean biantara sacara bener oge. Sabab kadang aya anu miboga anggapan yen bagean bubuka biantara teh nyaeta kaasup salam bubuka, pangbagea jeung bubuka. Sanggeus nilik penjelasan di luhur jadi bisa kaharti naon anu dimaksud salam bubuka, pangbagea jeung bubuka teh.
Pelajari lebih lanjut
- Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
- Struktur Biantara brainly.co.id/tugas/4601546
- Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Biantara
Bab : 5
Kode : 8.13.5
Kata Kunci : Conto bubuka dina biantara