contoh iklan layanan masyarakat kana motivasi kagiatan diajar di sakola
B. Daerah
rahmat1235
Pertanyaan
contoh iklan layanan masyarakat kana motivasi kagiatan diajar di sakola
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Wawaran Jeung Iklan Layanan Masarakat
Kelas : VII (2 SMP)
Pembahasan :
Umpama mangrupa tulisan, iklan layanan masarakat nyaeta tulisan anu eusina mangrupa kalimah pangajak. Iklan layanan masarakat biasa ditempatkeun di tempat anu strategis atawa tempat anu negrak, nyaeta tempat anu gampang kaciri ti sagala arah. Conto tulisan iklan layanan masarakat nyaeta saperti "Hayu urang diajar sing bener, sangkan urang jadi jalma pinter".
Anu biasa masang iklan layanan masarakat nyaeta saperti instansi pemerintah atawa organisasi lianna anu henteu miboga tujuan pikeun neangan kauntungan finansial atawa komersial, tapi tujuannana nyaeta pikeun kauntungan masarakat umum. Iklan layanan masarakat henteu perlu ditempatkeun di tempat anu aya patalina jeung eusi iklan layanan masarakat, anu penting ditempakeun di tempat anu strategis atawa negrak.